Blogroll

ngenaan biantara

 

BIANTARA (Materi kelas XI Semester Ganjil)

BIANTARA

A. Wangenan Biantara

Omongan anu ditepikeun ka balarea sacara lisan, boh langsung atawa dibacakeun tina teks, sipatna saarah, sarta ngandung pikiran/pesan anu hayang ditepikeun, luyu jeung acara anu keur disinghareupanana. Tujuanana biantara di antarana nya eta :

  1. Mangaruhan anu lian
  2. Mere pamahaman/informasi
  3. Nyenangkeun kaum dangu

B. Struktur Biantara

Struktur biantara teh aya tilu, nya eta :

  1. Bubuka

Dina bagean bubuka ngawengku; salam pamuka, mukadimah, ngahaturkeun nuhun/panghormat ka nu hadir, jsb.

2. Eusi

Dina bagean eusi ngawengku; nepikeun inti nu hayang ditepikeun ka audien/kaum dangu.

3. Panutup

Dina bagean panutup ngawengku; sanduk-sanduk, nepikeun du’a, salam panutup.

Conto Struktur Biantara :

Assalamu’alaikum wr. wb.,Salam pamuka.
Sadaya puji kagungan Alloh nu murbéng alam. Solawat sinareng salam mugi tetep ngocor ngagolontor ka jungjunan urang sadaya, Nabi Muhammad SAW.Mukadimah.
Ibu sareng Bapa Guru hormateun sim kuring.Ngahaturkeun nuhun ka nu hadir.
Dinten ieu téh kalintang bagjana kanggo sim kuring sadaya. Ogé janten dinten anu kalintang pikasediheunana. Bagja wiréh sim kuring sadaya tiasa lulus, sedih da apan sim kuring sadaya kedah ngarantunkeun ieu sakola, ogé ngantunkeun Ibu sareng Bapa Guru…… jst.Eusi biantara.
Bilih aya kalimah nu teu merenah, pindok nyogok panjang nyugak, bobo sapanon carang sapakan, hapunten anu kasuhun, jembar hampura anu diteda. Wabillahi taufik walhidayah.Sanduk-sanduk ménta dihampura jeung nepikeun du’a.
Assalamu’alaikum wr. wb.,Salam panutup.
  • C. Tehnik Biantara

Nurutkeun Taufi Faturohman, spk. (2017) dina bukuna netelakeun yen aya sababaraha tehnik biantara, di antarana nya eta :

  1. Tehnik nalar, nya eta tehnik biantara au henteu ngagunakeun teks (naskah). Biantara teh langsung ditalar satimu-timu harita. Istilah anu populerna mah “ditambul”.
  2. Tehnik maca, nya eta tehnik biantara anu ngagunakeun teks (naskah). Dina prakna biantara teh maca sakur anu aya dina naskah.
  3. Tehnik nyatetkeun inti biantara, nya eta nyatetkeun piomongeun atawa hal-hal anu penting anu rek ditepikeun.

D. Topik Biantara

Topik nya eta salah sahiji unsur anu aya kaitanana jeung jejer atawa tema. Jejer atawa tema nya eta gagasan utama/pokok pikiran atawa inti carita. Aya sababaraha cara pikeun nangtukeun atawa milih topik, di antarana nya eta :

  1. Aya patalina jeung masalah anu keur disinghareupan.
  2. Miboga sifat “how to?” hartina aya lajuning laku tina eta tulisan.
  3. Ngeunaan inohong atawa kajadian anu kawentar.
  4. Sumber ide nangtukeun topik bisa tina pangalaman, gagasan ti batur, alam, imajinasi, panalungtikan, biografi, atawa bisa wae tina ajaran agama.

0 komentar:

Posting Komentar

Diberdayakan oleh Blogger.

Cari Blog Ini

Blog Archive

LABELS

Pages

WELCOME TEXT